Karinding nyaeta salah
sahiji alat musik tradisional sunda anu cara maena dibetrik ku tungtung ramo
bari diteundeun dina baham. Ieu waditra teh kaasup jenis lamelafon atawa
idiofon. Biasana dijieun tina bahan palapah kawung atawa tina awi. Karinding
tina kulawarga harpa mulut, masih keneh sejenis jeung genggong (Bali), oge
kuriding ti Kalimantan Kidul.
Asal muasal karinding
teh nyaeta alat anu dipake ku para karuhun baheula mah. Karinding teh di jieun
tina palapah kawung / aren atawa awi 20 X 1 cm anu dijadikeun tilu bagian
nyaeta bagean pancepeungan, jarum tempat kaluar nada jeung tungtungna anu
disebut paneungeul.
Karinding sumebar
kalawan lega di wewengkon Banten jeung Jawa Kulon. Ari di Banten, utamana aya
di kampung Gajeboh wewengkon adat budaya. Di jawa kulon aya sababaraha
wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta : Citamiang, Pasirmukti,
Tasikmalaya, Lewo Malangbong (Garut) jeung Cikalong Kulon (Cianjur) nu nyieun Kairnding
teh dijieuna tina awi, ieu nandaan taun dijieuna, jeung nu makena wanoja istri.
Hal ieu katiten tina wangunna tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna
leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya
tilu buku (ruas) ceuk sabagian versi.
Cara nabeuh karinding
teh disimpen dina biwir, terus tepak bagian panenggeulna ngarah kacipta
resonanasi sora. Karinding biasa ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5
urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu nagtur ritme. Di wewengkon
ciawi, baheula mah diulinkeun jeung takokak (pakakas musik kawas daun). Kiwari,
nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejena.
Satiap benda tangtu
boga mangpaatna masing-masing, nah mangpaatna karinding teh dipercaya pikeun
ngusir hama diswah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinidng
kaitung sora nu handap low decible. Sora dihasilkeun tina ditabeuhna gagang
kairndig ku tungtung curuk nu ditepak-tepakeun. Eta sora nu kaluar teh ngan
kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wareg, simeut, jangkrik, atawa
oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Sanajan
kitu, can aya panalungtikan ilmiah anu husus ngulik perkara sora karinding
patali jeung mangpaatna kana ngusir hama. Saliana ti ngsuir hama, mangpaat
karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa
huma.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar